PERIBAHASA BAHASA SUNDA
Assalamu 'alaikum Wr. Wb.
Setelah pada postingan terdahulu kita pernah membahas tentang Babasan Bahasa Sunda, sekarang kita akan membahas tentang Peribahasa Bahasa Sunda.
Contoh - Contoh Peribahasa Bahasa Sunda ( Paribasa Basa Sunda )
Ambek nyedek tanaga midek = nafsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogokan kalong = mikahayang nu moal kalaksanakeun
Adat ka Kurung ku iga = lampah nu goreng hese leungitna
Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka
Aya Jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
Aya jalan komo meuntas = aya kahayang tambah aya nu ngajak
Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha kahayang salaki
Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun
Ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed = ari umur geus kolot, tapi kahayang kawas budak ngora keneh
Baca juga : Nama-Nama Kembang Bahasa Sunda
Agul kupayung butut = agul kuturunan
Aya pikir kadua leutik = aya kahayang nu disumputkeun
Asa ditonjok congot = ngarasa bungah pisan
Adean ku kuda beureum = ginding kupakeyan menang nginjeum
Biwir nyiru Rombengeun = resep nyaritakeun kasalahan batur
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok = sauyunan ngariung babarengan
Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
Bobot sapanon carang sapakan = aya kakurungan
Bilatung ninggang dage = bungah pisan
Batok bolu isi madu = ninggang lian pitempateunana
Benteng ngalawan Kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
Balik ka temen = asalna banyol jadi pasea
Budak keur mejehna bilatung dulang = keur mejehna beuki barang dahar
Batan kapok malah gawok = batan eureun malah maceuh
Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
Baca juga : Nama-Nama Anak Hewan Bahasa Sunda
Deukeut-deukeut naek taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
Dihin pinasti anyar pianggih = papasten nu geus ditangtukeun ku gusti Allah
Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
Hambur murah congcot = goreng carek tapi berehan
Hade gogog hade tagog = jalma nu alus rupa oge alus basa
Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
Haripeut kuteuteureyan = gampang kapincut ku pangbibita
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
Iwak nangtang suje = ngadeukeutkeun pibahayaeun
Inggis batan maut hinis = paur pisan
Jati kasilih kusuji = pribumi kaelehkeun ku semah
Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu pibeunangeun
Kawas anjing tutung buntut = teu daek icing
Kawas bueuk meunang mabok = ngeluk taya tangan pangawasa / jempe teu nyarita
Demikian.
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Baca juga : Bimtek Pendidikan Inklusif Tahun 2022
SEMOGA BERMANFAAAT